Sunday, August 22, 2010

Piwejang Kepala Sekolah

Anaking … hideup sakabeh
Cunduk waktu nu rahayu
Nitih wancining mustari
Nincak mangsa nu sampurna
Kiwari … hideup …
Geus dipapag ku waktu nu tangtu

Bapak …
Salaku gaganti ibu rama hideup di sakola
Saeutik rek mepeling
Sugan jadi pamatri
Bari rek ngawanti-wanti
Sugan bias ngancik na diri
Pageuing keur obor hirup

Mugia …
Elmu ,nu tos di paparinkeun ku guru-guru hideup di MI Tanjungsari
Sing manfaat maslahat dina kahirupan hideup
Poma … hideup ulah lali
Lanca-linci tina pepeling
Luncat mulang tina piweujang guru-guru hidep

Sabab …
Mun mhidep tigih nastiti
Ngajalankan sagala piweujang
Komo bari tigih eling
Ka Alloh ta’ala pangeran urang
Insya Alloh bakal bagja
Ti lahir tumekaning batin

Anaking … hidep sakola
Saupami di ibaratkeun …
Hidep teh lir ibarat orok berem
Anu gubrag medal di MI Tanjungsari
Nya … guru – guru hidep
Anu ngurus tur ngadidikna

Ayena..
Hidep geus nincak dewasa
Bakal incah miang tur pamitan
Ka guru-guru hidep
Hidep bakal nyorang kahirupan sewang-sewangan

Poma …
Hidep ulah poho kana Almamater
Oge ka guru-guru hidep
Di MI Tanjungsari nu geus medalkeun hidep

Pek … geura teruskeun deui ku hideup …
Teuleuman elmu agama anu leuwih jero
Sabab … di MI Tanjungsari mahmung saukur dadasar
Sing inget …
Neangan elmuteh mangrupakeun kawajiban
Ti mimiti lepas aisan dugika datangna ajal




Anaking …
Ibu rama anu ngayuga hidep
Poma … sing mibakti ka aranjena
Tata-titi, tindak-tanduk, duduga peryoga kudu diraksa
Poma ulah luntur ku usum, laas ku zaman
Salawasna … hidep kudu someah darehdeh
Boh ka ibu rama, guru-guru, oge ka sasama

Anaking …
Bapak …
Ngajajap ku du’a kalawan rewuh pangestu guru-guru
Bur sampuyung hidep manggung
Bral … miang ka mangsa nu bakal ka sorang
Mugia ginanjar kabagjaan
Kejembaran dina ngahontal cita-cita

Ayena hidep mangrupakeun alumni
Alumni MI Tanjungsari anu Sajati
Anu bakal mawa misi agama

Ku bapak …
Ciciren anu mawa ajen MI Tanjungsari
Rek dibuka tur di simpeun dina handeuleum siem
Wariskeun ka adi adi hidep

PELEPASAN ALMAMATER MI TANJUNGSARI

Anaking …
Pamungak ieu pepeling
Catur sing jadi bukur
Papatah sing jadi buah
Sok hidep geura sungkem ka guru-guru hidep
Anu tos ngatik ngadidik hidep

Puisa dari Anak

Niti wanci nu mustari
Nincak mangsa nu sampurna
Cunduk kana waktu nutangtu
Galura pamageh bakal mudar
Nyinglarkeun beungkeutan katresna urang

Gumuruh kalbu sungkan pajauh
Jeritning ati sungkan pateubih
Tapi…. Kiwari wanci geus mustari
Mirig diri mungkur kersaning widi gusti

Teu karasa geuning
Salengkah demi salengkah geus cunduk
Salami 6 taun digojlog dina kancah atian MI Tanjungsari
Kawah candra dimuka
Kiwari … mangsa paturai tineung

Mang rewu-rewu nuhun nuhun
Kahatur ka para piwuruk
Nu ngatik ngadidik ti leuleutik
Tug dugi ka dewasa

Sagala piwuruk estuning di tampi
di suhun dina emun-emunan
Di patri dina ati sanubari
Tur dipibanda pikeun pibekeuleun hirup

Teu karasa…
Geuning wanci estuning nyerelek
Sakeudeung deui bakal nutupan
Galura katineung
Ti abdi sadaya murid kelas geuneup
Mundut pamit kalawan pi Du’a anu di seja

Pileuleuyan-pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpai